BABAD
Babad teh mangrupa carita nu eusina ngandung unsur sajarah. Biasana caritana dumasar kana kajadian sajarah. Sanajan mangrupa carita (fiksi), tapi ari palaku utamana, kajadian pokona, katut tempatna mah nyoko kana sajarah anu sumebar di hiji masarakat atawa wewengkon. ”Maung Kajajaden” upamana, dipikawanoh ku urang Sunda mangrupa sabagean kajadian tina sajarah Sunda.
Biasana babad mah henteu jelas unsur-unsur kasajarahanana sarta henteu bisa dicekel deleg fakta-faktana. Ari eusina mah sarua, nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Dina Babad mah sok aya unsur-unsur nu pamohalan (teu kaharti ku akal). Upamana bae jelema jadi maung, cai sagayung jadi situ, jelema anu henteu sajaman bisa tepung dina hiji waktu, jeung sajabana.
Pek geura baca carita di handap ieu.
MAUNG KAJAJADEN
Nurut kana kapalay ramana, Raja Pajajaran, Nyi Putri Sucilarang, ahirna keresa janten istri Dipati Anom Lembujaya, putra Raja Majapahit. Namung kumargi henteu bogoh tea, sakitu nuju ngandung, keukeuh palay mulih deui ka Pajajaran. Eleh deet, Dipati Anom nedunan kapalay istrina.
Hiji mangsa anjog ka hiji tempat, ayeuna mah disebutna teh Panumbangan. Perenahna henteu jauh ti Kota Ciamis. Lantaran siga bade ngalahirkeun, Nyi Putri ngajak sarerea eureun. Teras miwarang ngadamel sasaungan, tempat anjeunna reureuh.
”Ema Paraji, kuring asa beda rarasaan, kawas rek ngalahirkeun. Kumaha lamun urang eureun di dieu?” saurna..
“Euleuh boa muhun, “ tembal Ema Paraji.
Enya bae teu kantos lami, Nyi utri babar. Orokna kembar. Nu hiji, rakana, pameget, Nu hiji deui, istri. Balina diwadahan kana pendil tambaga, teras dikubur sakumaha biasana. Kawantu ibuna geulis, cacak orok beureum keneh tos katingal pikasepkeun sareng pigeuliseunana.
Ku ibuna dipaparin nami Bongbanglarang jeung Bongbangkancana. Nyi Putri Sucilarang sareng rombongan, katambihan dua murangkalih neraskeun deui lalampahan. Sakitu dinten ti harita, dugi ka Nagara Pajajaran.
Murangkalih gancang pisan ageungna. Ampir teu karaos yuswana jangkep tujuh welas taun. Rakana, Bongbanglarang, kacida kasepna. Nya kitu deui raina, Bongbangkancana, pohara geulisna.
Unggal dinten eta dua murangkalih teh hayoh wae nataroskeun ramana. Teu beunang dibebenjokeun, teu beunang disisilihan, sina ngangken rama ka eyangna. Tungtungna boh ibuna, boh eyangna, kapaksa buka rusiah. Nguningakeun yen ramana murangkalih teh nya eta Adipati Anom Lembujaya. Raja Karajaan Mahapait.
Terang saha saleresna ramana, rai-raka mundu widi, seja nepangan ramana ka Majapait. Ieu ge sami teu kenging dihalang-halang, teu beunang diulah-ulah. Dalah digambarkeun kumaha tebihna Majapait, keukeuh mundut diwidian. Basana teh, kawajiban putra nyanggakeun sembah sinungkem ka ramana.
Nya ahirna mah diwidian. Dina waktosna, Bongbangrarang kalih raina, angkat ngantunkeun karaton. Angkatna paduduaan, henteu disarengan ku pangiring. Maksadna sakantenan meuseuh diri, diajar hirup prihatin.
Dugi ka Panumbangan, tempat duanana dibabarkeun, poe meujeuhna ereng-erengan. Hawa pohara panasna. Nyi Bongbangkancana teu kiat nahan halabhab. Anehna ongkoh di tengah leuweung, tapi cai kacida hesena. Sigana usum halodo.
Watir ningali nu palay ngarot, Bongbanglarang apruk-aprukan milari cai. Lami-lami mendak pendil tambaga, eusina cai herang ngagenclang. Pendil enggal dicandak, disanggakeun ka raina. Ngan barang bade dileueut, ana geblus teh, pendil nuruban mastakana. Persis jiga jelama make helem.
Pendil dibetot, malih kuduaan, namung angger teu lesot-lesot.Malah kawas nu mageuhan. Bongbangkancana dituyun milari lembur, sugan aya nu tiasa nulungan. Prok sareng hiji aki-aki, tapi teu ieuh tiasa nulungan, pendil angger pageuh dina mastaka Nyi Putri.
Teras dipiwarang nepangan Wiku Trenggana. Ku kasaktianana, pendil molonyon teu sakara-kara. Keleweng dibalangkeun ka jauhna. dasar wiku sakti, barang ragrag jadi kulah (balong).
“Kade hidep duanana, ulah wani lunta-lanto ka beh dinya,” saur Wiku Trenggana.
Abong murangkalih keur meujeuhna belekesenteng, kalah ngarasa panasaran. Rerencepan duanana nyaketan kulah. Resep dingal caina ngagenclang herang, gebrus Bongbanglarang ancrub kana jero kulah. Barang hanjat salirana pinuh ku bulu, pameunteuna persis maung.
Jerit Nyi Bongbangkancana ngajerit, reuwas ningal payuneunana aya maung. Tamat ngajerit disambung ku nangis kanyenyerian, barang uninga eta maung teh, singhoreng rakana. Tawis bela ka tuang raka, teu talangke anjeunna ngagebruskeun salira kana kulah. Hanjat deui parantos janten maung bikangna.
Maung kembar neraskeun lalakonna, muru Nagara Majapait. Di jalan sababaraha kali ngalaman cilaka. Di anarana lebah Panjalu ayeuna, sukuna kabeulit ku areuy oyong. Untung aya nu nulungan nya eta Prabu Cakradewa.
Maung jangji moal nganganggu urang Panjalu. Iwal ka nu nginum notor pendil, dahar langsung tina dulang, jeung nu melak oyong.
Jauh cunduk anggang datang, maung kembar nepi ka Nagara Majapait. Nenjo aya maung ngadeukeutan karaton, meh bae pada ngepung. Untung maung buru-buru nyarita, sakumaha ilaharna jelema. Uninga eta maung nu dua teh putrana, Prabu Anom Lembujaya kacida sedihna. Namung teu tiasa nolak takdir Gusti.
Ku ramana Bongbanglarang dipiwarang ngarajaan leuweung Majapait. Ari rina, Bongbangkancana, kedah ngaratuan leuweung Pajajaran. Sataun sakali, unggal Mulud, sok ngahajakeun papendak. Tempatna di Panjalu. (Dicutat tina buku: Pamager Basa; Taufik Fathurahman; Geger Sunten, 2007).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar