LAMAN

Sabtu, 04 Juni 2011

Carita Sajarah


PERANG BUBAT
Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan hiji mangsa kasumpingan utusan karajaan Majapahit. Eta urusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk pikeun masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna jenenganna Déwi Citraresmi.
Sigana béja Sri Baduga kagungan putra geulis, nepi ka Majapahit. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk tacan ngabogaan prameswari. Ku sabab eta manéhna ngirim utusan, pikeun masrahkeun lamaran téa.
Sabada dibadantenkeun sareng putra garwana, panglamar Prabu Hayam Wuruk ditampi. Malah sakumna paméntana, Déwi Citraresmi rék dijajapkeun ka Majapahit. Alam harita karajaan Majapahit mangrupa karajaan panggedena di Nusantara (Indonesia).
Sabagéan gedé karajaan nu aya di Indonesia jadi patalukan Majapahit. Malah kabéjakeun kakawasaan nepi ka Malayasia, Singapur, jeung Thailand ayeuna.
Di antara nu henteu taluk teh nya éta kerajaan Galuh Pakuan.
Ari papatihna ngarana Gajah Mada. Saha nu bireuk ka manéhna, ahli mingpin perang, tukang nakluk-naklukeun karajaan. Ku sohor-sohorna Gajah Mada, kakara ngadéngé ngaranna, loba raja nu milih langsung serahbongkokan. Lantaran paur nyanghareupan balatentara Majapahit pingpinan Patih Gajahmada.
Gajahmada kungsi ngedalkeun sumpah, moal ngadahar buah Palapa lamun can bisa nalukkeun karajaan-karajaan nu aya di Nusantara. Ku usaha manéhna , sumpahna bisa tinekanan.
Dina waktuna, dibarengan para prajurit, rombongan Sri Baduga Maharaja angkat ngajugjug ka nagara Majapahit. Sababaraha poé ti harita, tepi ka hiji lembur, ngaranna lembur Bubat. Kabeneran teu pati jauh ti puseur nagara. Sabada saréréa reureuh, teras Sri Baduga miwarang utusanna nyaéta Ki Patih Madu. Maksadna nguningakeun , yen ajeuna saputra garwa parantos dugi ka Lembur Bubat. Sajaba ti éta mundut dipapagkeun, da kitu lain ilaharna. Piraku aya awéwé datang sorangan ka tempat lalaki.
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong ieu aing, paréntah raja langsung ditolak. Alesanana dibandingkeun jeung Majapahit, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.
“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” cenah” Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun, yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapahit, seperti nagara-nagara séjenna.”
Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada. Puguh baé Sri Baduga Maharaja kacida benduna. Salirana langsung ngagidir, ampir-ampiran teu kiat nahan amarah. Sikep urang Majapahit, pangpangna Patih Gajahmada, sarua jaung ngahina. Déwi Citraresmi, anak raja, putri sakitu geulisna kudu dianggap upeti nagara jajahan. Padahal ti iraha karajaan galuh Pakuan jadi patalukan Majapahit?
Sri Baduga Maharaja sasauran ka saréréa, “Piisukeun urang miang ti Galuh Pakuan, pasosoré kula nénjo langit hurung ngagempur siga kahuruan. Moal salah eta téh kila-kila, urang bakal nyanghareupan peperangan. Ku kituna saréréa kudu taki-taki, sabab gedé kamungkinan urang majapahit bakal maksakeun kahayangna.”
Kasauran Sri aduga écés ngagambarkeun sikep anjeunna, kajeun kudu kaleungitan nyawa, ti batan ical kahormatan diri. Sabalikna pikeun Patih Gajahmada, sikep Raja Pakuan sarua jeung nyieun pucuk ti girang, nangtang kan kakuasaan Majapahit. Manéhna gancang ménta idin rajana, seja ngumpulkeun para prajuritna Majapahit pikeun nalukkeun Sri Baduga sabalad-balad.
Sakali deui Raja Hayam Wuruk beunang kaolo ku Patih Gajahmada. Geus kitu mah, der perang campuh antara tentara galuh pakuan ngalawanan paraprajurit Majapahit. Lantaran indit ti nagara lain rék niat perang, Sri Baduga Maharaja henteu nyandak prajurit seueur-seueur. Atuh dina derna peperangan, jumlahna henteu saimbang. Nya kitu deui pakarang perangna, henteu salengkep tentara Majapahit.
Akibatna tentara Galuh Pakuan nungtutan jadi korban. Malih lami-lami Sri Baduga Maharaja ku anjeun, kasambut di pangperangan. Maot dikerepuk mangpuluh-puluh prajurit musuh.
Kantun Prameswari sareng Déwi Citraresmi, ngaraoskeun kasedih dikantun ku Kangjeng Raja. Duanana énggal mandi beberesih, sarta saatosna teras nganggo raksukan bodas.
Putri Galuh sareng ibuna newekkeun keris kana salirana, nyusul Sri Baduga Maharaja nu parantos maot ti payun. Tanah Bubat beureum ku getih dua wanita suci. Ngadangu Déwi Citraresmi jadi mayit, Raja Hayam Wuruk kacida handeueulna. Cita-cita ngadahup ka putrid geulis henteu jadi, gara-gara nurut teuing kana omongan Patih Gajahmada.
Tina ngaraos hanjakal, tungtungna brek baé teu damang parna. Mangpuluh-puluh dukun dukumpulkeun, welas-welas pandita ditéang nya kitu deui ahli panyakit, ngahaja diangkir ti mana mendi. Tapi, kawantu lain panyakit biasa, bisa cageur upama obatna ku Déwi Citraresmi. Dina tiasa damangna deui ogé, teu sapertos bihara-bihari.
Geus kitu mah kakara Patih Gajahmada ngaku kana kasalahanna.
Disangkana Raja Sri Baduga Maharaja, sarua jeung raja-raja lianna. Gampang taluk kana kakawasaan Majapahit. Malah aya leuwihna, Sumpah Palapa Gajahmada dianggap cupar ku ayana éta kajadian. Nagara-nagara di Nusantara anu tadina aya dina kakawasaan Majapahit, nungtutan misahkeun manéh.
Sumber : Pamager Basa Kelas X