Wangenan
Kecap wawacan asal kecapna tina "waca"
nu hartina "maca" atawa “dibaca”. Wawacan téh mangrupa karya sastra
sampeuran anu wangunna nuturkeun pola patokan pupuh. Eusina ngébréhkeun hiji
gunggungan carita anu ngandung hiji téma. Caritana panjang, sabab diwangun ku
loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana.
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaéta naon-naon anu
dicaritakeun sagemblengna ukur rékaan atawa imajinasi pangarang.
Ku lantaran ngagunakeun patokan pupuh, tangtu dina
macakeunana ogé dihaleuang -keun/ditembangkeun maké lagam pupun anu 17, kauger
ku ku guru lagu, guru wilangan.
Seni macakeun wawacan sok disebut beluk.
Sajarah Asal Muasalna
Nurutkeun sajarahna Wawacan téh asalna ti Jawa
(Mataram), asupna wawacan ka tatar Sunda sabada karajaan-karajaan nu aya di
tatar Sunda kaéréh ku Mataram dina abad ka-17 M, bareng jeung basa Jawa ka
wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu
digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19.
Struktur Wawacan
Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur
saperti
• Manggalasastra (alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu
nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
• Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
• Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan
Conto Manggalasastra
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
(wawacan
Rengganis)
Wawacan nu geus dibukukeun
R.Satjadibrata nulis:Wawacan Sastra-sastri.
Conto Kolofon
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna
kaleresan bulan April
taun Kangjeng Maséhi
saréwu dalapan ratus
jeung genep puluh dua
marengan hijrahna Nabi
saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan
(Wawacan Panji Wulung)
Ciri-Ciri Wawacan
1. Mangrupa karangan narasi (carita)
2. Jalan caritana panjang
3. Kaasup kana wangun karangan ugeran
4. Dianggit maké patokan pupuh
5. Ditepikeunana ditembangkeun (beluk)
6. Parapalakuna umumna jalma linuhung
7. Kanyahoan nu ngarang jeung waktu nulisna
8. Jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan
9.
Dipidangkeun di nu
hajatan, saperti salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan
sabada panén.
Wawacan nu geus dibukukeun
H.Abdul Salam nulis Wawacan Rengganis
R.Soeriadiredja nulis Wawacan
Purnama Alam.
Awal abad
ke-20:
R.Memed Satrahadiprawira
nulis:Wawacan Enden SaribanoR.Satjadibrata nulis:Wawacan Sastra-sastri.
Tubagus Djajadilaga nulis:Wawacan
Kidung Sunda.
Mas Natawisastra nyadur:Wawacan Bispuradja.
R.H. Boerhan
Kartadiredja nulis:Wawacan Natasungkawa.
M.Kartadimadja nulis Wawacan Jaka Sundang.
R.Machjar Angga Kusumah
Dinata nulis:Wawacan Nalaka Suraboma
Engka Widjaja nulis:Wawacan Lutung Kasarung.
Nyi R. Siti Hadidjah
nulis:Wawacan Rusiah Nu Kasep.
M.A.Salmun
nyadur:Arjuna Wiwaha dina wangun wawacan dijudulan Mintaraga.
M.Sastradiredja menyadur
:Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan Prabu Udayana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar